Welcome To Muhammad Ariq Blogspot

Minggu, 12 Januari 2014

Cerita Lucu Sunda

Cerita Lucu Pendek/Cerpen                                                                                  Cerita Ngakak Terlucu
___________________________________________________________________________________
Bobodoran Sunda : Preman Adzan








Kacaritakeun harita poe jumaah, jalma geus kumpul di masjid. Jarum jam nincak kana angka 12. Hawar-hawar sora adan ti lembur peuntas. Sedengken di masjid ieu can aya nu adan. Ketua DKM luak-lieuk neangan muadzin. Jigana teu datang aya halangan. Jamaah silih toel maksudna nitah adan ka babaturannana. Mugen papada embung. Adzan di lembur pentas ampir beres, di dieu can aya nu adzan.

Jung nangtung si Johan preman kampung, gidig leumpang bari dodongkoan ka hareupeun mimbar, kerewek mik speker dicekel.

Kabeh jamaah kaget campur reuwas oge hariwang si Johan teu bener beh ditu ngaco adzanna. Teu aya nu wani ngahulag, preman kampung tea atuh.

Celengkeung si Johan adzan. Teu sangka alus kacida sorana, tajwid makhrojna eces pisan. Jamaah olohok. "Alus euy sora si Johan teh....teu nyangka uing mah.." ceuk salah saurang jamaah.

Jigana eta pujian teh kadenge ku si Johan, nu keur adzan tea. Atuh si Johan "ngarespon" kana eta pujian bari tetep mic speker mah dicekel keneh.. "Aing teaaa.... anjing ...adzan mah bisa ti leuleutik...!"


Kisah Lucu Dalam Bis



Udin merupakan orang Ciamis yang sedang merantau di Jakarta. Karena sudah lama ngga pulang kampung dan tiba-tiba merasa kangen sama keluarga di desa Udin memutuskan untuk Pulkam akhir pekan ini.

Maka berangkatlah si Udin menggunakan bis Jurusan Jakarta-Ciamis. Saat dimintai ongkos oleh konektur, terjadilah tawar-menawar harga.

Kenek Bis : "Mau kemana, De ?"

Udin : "Ke Ciamis bang, depan terminal"

Kenek Bis : "Oh, ongkosnya 60 ribu, De"

Udin : "Waduh, mahal banget bang. Turunin dikit lah. 30 ribu aja ya bang?"

Kenek Bis : "Wah, ga bisa ini udah harga dari sononya"

Udin : "Wah, jangan gitu bang. Tolong turunin lah..." kata udin sambil merengek.

Kenek Bis : "Oke, kalo begitu saya turunin" sambil kesal

Udin : "Nah, gitu dong bang" si Udin merasa senang

Kenek Bis: "Maksud saya, kalo kamu ga mau bayar, saya turunin dari Bis sekarang juga!!!"

Udin: &$@@$^()(! 




 Bobodoran Sunda : Sensus Penduduk



Dina hiji mangsa aya petugas sensus penduduk datang ka tiap warga kanggo nyuhunkeun data. Atuh aya sabagian warga anu bingung, sensus kanggo nao deui da pemilu mah lami keneh.

Warga: Jang ari sensus teh kanggo pemilu? Asa cik keneh didata....
Patugas: Sanes pa .....
Warga: Kanggo BLT?
Patugas: Sanessss ..............
Warga : Ari geus keur naon atuhhh???? (rada nyereng ...tur nyentak)
Patugas : (ngajawab bari reuwas) Kanggo ngagentos lagu Rhoma Irama..... Lagu nu kapungkur " 135 juta penduduk Indonesia....." tos kadaluwarsa. Janten hasil sensus teh diantos pisan ku Kang Haji Rhoma Irama.



 Bobodoran Sunda : Meuli Jeruk Gratis



Jang Acay indit ka pasar hayang meuli jeruk didituan na mah.
Acay : sabarahaan jeruk na mang?
Tukang Jeruk : sakilo 15rb, bade sabaraha kilo?
Acay : nu bener mang? amis teu, mun haseum kumaha?
Tukang jeruk : amis atuh jang, lamun haseum mah gratis we lah
Acay : nya sok lah, meuli nu haseum na weh 2 kilo. gratis pan?
Tukang jeruk : ~!@#$%^&



  Bobodoran Sunda : Obat Anti Reungit


Hiji waktu ahong curhat ka sobatna atek, dumeh di kamarna loba pisan reungit.
Ahong : “Di kamar urang mah meni loba reungit, sakitu geus disemprot jeung di puput ku obat anti reungit angger weh loba.”
Atek : “Cik gera simpenan keusik walungan di kamarna.”
Ahong : “Ih geuning gampil, naha bener moal aya reungit?”
Atek : “Piraku urang bohong”
Ahong : “Kedah sakumaha keusikna??”
Atek : “Sapinuhna kamar!”


Bobodoran Sunda : 

Hiji waktu Ujang ngajak maen tatarucingan ka Udin. kieu cenah tarucingan na teh.

Udin : "Jang, nyamuk naon nu gendut, beuki dahar, jeung sare wae?"
Ujang : "Ah maneh mah aya aya wae."
Udin : "Eeh seurieus!"
Ujang : "Nyamuk Aides Egepti nya?"
Udin : " Lain...!".
Ujang : "Takluk ah!".
Udin :"Nya Mang Muksin atuh..!" ( Sabari Lumpat )
Ujang :"Anyir ta mah ngaran babeh uing, awas siah lamun papanggih deui @#$!%@#!!



 Posted by Admin - M.A.F

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar